Documented cultural tradition on record; family classification awaits an editor.
02 · Where & name
Indonesia
Placed on record in Indonesia.
03 · How it is doing
□□□□ (Not yet assessed)
Documented in open cultural records, but no cited field assessment of its current vitality has been added here yet.
04 · Proof & reuse
2 cited sources
Every claim links to a public record below. Free to quote, teach, and share under CC BY-SA 4.0.
Chapter Takeaways
SajarahSeni mangrupa salasahiji unsur budaya.
WangenanUjungan diganti jadi Sampyong nu numutkeun sababaraha sumber asalna tina basa Cina nyaéta sam nu hartina tilu jeung poyong nu hartina teunggeulan.
PintonanSampyong ngandelkeun kaparigelan sarta kakuatan neunggeul.
Common Questions Answered on Record
What is Sampyong and what does it mean?
Seni mangrupa salasahiji unsur budaya. Documented cultural tradition on record; family classification awaits an editor.
Where did Sampyong originate and where is it practised?
Sources on this page place Sampyong in Indonesia.
Is Sampyong still practised today and what is its cultural significance?
□□□□ (Not yet assessed): Documented in open cultural records, but no cited field assessment of its current vitality has been added here yet. Seni mangrupa salasahiji unsur budaya.
How do I cite or reference Sampyong in research and Wikipedia?
Cite as: "Sampyong." folkroom, https://folkroom.org/art-forms/sampyong, text CC BY-SA, with attribution.
Sampyong — folkroom Archival DossierCanonical URI: https://folkroom.org/art-forms/sampyongScan QR code for primary sources, interactive World Atlas coordinates, and CC BY-SA 4.0 citation files (.bib / .ris).
The tradition & historical record
2 min read · 2 sources
Sajarah
Seni mangrupa salasahiji unsur budaya. Salasahiji kabudayaan daérah asli ti Majaléngka nyaéta kasenian Sampyong. Sajarah ayana kasenian Sampyong nyaéta dina taun 1960, di daérah Cibodas Kacamatan Majaléngka Kabupatén Majaléngka aya kaulinan rahayat nu dipikawanoh salaku Ujungan.
Kasenian Sampyong tujuanna pikeun hiburan sarta ngalatih sportifitas. Lamun aya pamaén nu émosina kaleuleuwihan sarta ngarempak aturan nu geus ditangtukeun, malandang boga hak pikeun ngusir.
Sampyong teu dikatégorikeun kana seni béla diri, lantaran pamaén teu meunang nakis. Sampyong asup kana tarung. 1
Wangenan
Ujungan diganti jadi Sampyong nu numutkeun sababaraha sumber asalna tina basa Cina nyaéta sam nu hartina tilu jeung poyong nu hartina teunggeulan. Ngaran Sampyong dipikawanoh ti urang Cina nu harita keur lalajo. 1
Pintonan
Sampyong ngandelkeun kaparigelan sarta kakuatan neunggeul. Alat nu dipaké neunggeulna nyaéta hoé nu ukuranna 60 cm. Ujungan dipaénkeun ku dua urang nu pahareup-hareup boh awéwé boh lalaki, dipingpin ku wasit nu disebut ''malandang''.} Pamaén maké teregos atawa ''balakutak'' nyaéta kaén nu eusina bahan empuk pikeun nutupan hulu pamaén, sangkan ngahalangan hulu nalika kateunggeul. Sasaran teunggeulanna teu kawatesan ti hulu nepi ka suku tur teu ditakis. Saurang pamaén neunggeul musuh saloba-lobana, nepi ka musuhna éléh tur teu kuat nahan nyeri.
Sampyong dipidangkeun dina acara-acara husus contona dina acara hajatan, dina acara kamerdekaan Republik Indonésia, jeung dina acara milangkala Majaléngka. Sampyong biasana dipintonkeun di lapangan nu lega. Runtuyan pintonan seni Sampyong nyaéta opat pasang pamaén sarta malandang asup ka tempat pintonan tuluy ngibing penca dina wirahma lagu Padungdung. Pintonan dimimitian ku dua urang pamaén nu silih teunggeul tuluy dina pintonan utamana para pamaén nu opat pasang pahareup-hareup numutkeun urutan nu geus ditangtukeun ku malandang.. Sanggeus malandang nyebutkeun Briuk tuluy pamaén silih teunggeul, lamun saurang pamaén geus neunggeul atawa diteunggeul, pamaén kudu langsung ngibing ngurilingan pakalangan (aréna / tempat pintonan). Salila kasenian Sampyong lumangsung, dibarengan ku tabeuhan kendang penca nepi ka réngsé. Gamelan kendang penca nu dipaké mangrupa kendang leutik, kendang gedé, tarompét, bonang jeung bendé (goong leutik). 1
The text above is adapted from the Wikipedia article “Sampyong”, available under the Creative Commons Attribution-ShareAlike 4.0 licence. 1
Sampyong is Sport, according to the structured record cited below. This entry was generated automatically from that record and has not yet been reviewed by a person familiar with the tradition. 2